JAKARTA- 5 contoh Biantara Bahasa Sunda tentang Kesehatan menarik untuk diulas.
Biantara adalah bahasa lain dari Pidato. Sedangkan, Biantara Bahasa Sunda adalah sebuah pidato dalam Bahasa Sunda yang disampaikan dengan tujuan menyampaikan gagasan tertentu kepada Masyarakat umum.
Layaknya sebuah pidato, Biantara Bahasa Sunda dapat dijadikan referensi seseorang dalam mengerjakan tugas yang diharuskan untuk menggunakan Bahasa Sunda, ataupun juga dapat dijadikan referensi dalam kegiatan-kegiatan tertentu yang terdapat acara penyampaian biantara.
BACA JUGA:
Jika membicarakan materi biantara secara umum, hal yang dapat dibahas itu cukup beragam, mulai dari kesehatan, pendidikan, agama, sekolah, dan sebagainya.
Kali ini, hal yang akan difokuskan atau dibahas lebih lanjut adalah mengenai Biantara Kesehatan.
Berikut ini 5 contoh Biantara Bahasa Sunda tentang kesehatan seperti dilansir berbagai sumber, Jakarta, Senin (7/8/2023):
Biantara Bahasa Sunda tentang Kesehatan
Contoh 1
Bismillahirrahmanirrahim
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat, mangrebu-rebu nikmat nu teu tiasa kaetang ka urang sadaya diantarana nikmat sehat sareng nikmat iman sahingga urang sadaya tiasa patepang dina ieu acara.
Shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan urang sadaya nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW. Mugia urang sadaya kalebet umatna nu kenging syafaat dina dinten kiamat.
Contoh 2
Assalamualaikum Wr. Wb
Wilujeng Enjing Sadayana.
Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.
Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.
BACA JUGA:
Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.
Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Wassalamualaikum wr.wb